Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 4

’Yéhuwa Pangangon Abdi’

’Yéhuwa Pangangon Abdi’

(Jabur 23)

  1. 1. Yéhuwa pangangon abdi,

    Nu nungtun, nyalindungan.

    Abdi teu aya kakirangan,

    Sagala dicumponan.

    Ku Yah, abdi disarengan,

    Dibawa ka sampalan.

    Kanyaah Huwa ngabingbing abdi

    Hirup aman tur tengtrem.

    Kanyaah-Na ngabingbing abdi

    Hirup aman tur tengtrem.

  2. 2. Gusti masihan tungtunan

    Ku jalan bebeneran.

    Abdi moal nepi ka nyimpang,

    Teu weléh diélingan.

    Sanajan nyorang bahaya,

    Ku Gusti t’rus diraksa.

    Ku lantaran nyobat sareng Gusti,

    Abdi boga kawani.

    Lantaran nyobat sareng Gusti,

    Abdi boga kawani.

  3. 3. Yéhuwa pangangon abdi,

    Ku abdi dituturkeun.

    Gusti anu ngajait abdi,

    Nengtremkeun tur nguatkeun.

    Mun terus muntang ka Gusti,

    Harepan jadi pasti.

    Mugia asih, pangaping Gusti

    Terus nyarengan abdi.

    Mugi asih pangaping Gusti

    Terus nyarengan abdi.

(Tingali ogé Jab. 28:9; 80:2.)