Pindah kana eusi


KURSUS ALKITAB

Hirup Bagja Salilana!

Dina kursus Alkitab gratis ieu, anjeun bakal ningali jawaban tina pananya-pananya saperti:

  • Kumaha supaya hirup abdi bagja?

  • Kajahatan jeung kasangsaraan téh bakal aya ahirna teu?

  • Bisa teu abdi panggih deui jeung kulawarga atawa babaturan nu geus maot?

  • Enya kitu Allah téh nyaah jeung merhatikeun abdi?

  • Kumaha supaya doa abdi didangukeun ku Allah?

Gratis

Kabéh palajaranana gratis. Mun anjeun perlu, Alkitab jeung alat bantu nu judulna Hirup Bagja Salilana! gé gratis.

Praktis

Anjeun bisa panggih langsung jeung nu mandu palajaranana atawa sacara online. Tempat jeung waktuna gé bisa dipilih ku anjeun.

Teu Aya Kawajiban

Teu aya komitmen, anjeun bisa eureun iraha waé.

Kursus Alkitabna jiga kumaha?

Saurang jalma bakal mandu anjeun pikeun diajar ngeunaan pangajaran-pangajaran tina Alkitab, topikna bakal dibahas hiji-hiji. Palajaranana maké buku Hirup Bagja Salilana! Bari ngabahas buku éta, anjeun bakal ningali saeutik-saeutik naon waé naséhat tina Alkitab jeung naon mangpaatna pikeun kahirupan anjeun. Pikeun katerangan leuwih loba, mangga tongton vidéo ieu atawa tingali sababaraha pananya umum ngeunaan palajaran Alkitab ieu.

Bahan palajaranana téh jiga kumaha?

Tingali bab-bab awalna.

Siap nyobaan?

Pencét tombol ieu pikeun ngajadwalkeun kursus Alkitab anjeun nu kahiji.