Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 129

Urang Kudu Terus Tabah

Urang Kudu Terus Tabah

(Mateus 24:13)

  1. 1. Kumaha bisa

    Tetep tabah najan susah?

    Conto Sang Putra

    Nu nyepeng pageuh harepan.

    Anjeunna percaya

    Kana jangji Allah.

    (REFREIN)

    Urang kudu t’rus tabah,

    Jaga iman urang.

    Ku sabab asih Allah,

    Urang kuat nepi panungtungan.

  2. 2. Urang ngalaman

    Mangsa peurih ku cocoba.

    Najan sangsara,

    Urang t’rus neuteup harepan.

    Mun urang satia,

    Rahayu hirupna.

    (REFREIN)

    Urang kudu t’rus tabah,

    Jaga iman urang.

    Ku sabab asih Allah,

    Urang kuat nepi panungtungan.

  3. 3. Yéhuwa bakal

    Mungkas sagala kasusah.

    Jadi tong nyerah,

    Ulah éléh ku cocoba.

    Sing teger tur tabah,

    Geus téréh waktuna.

    (REFREIN)

    Urang kudu t’rus tabah,

    Jaga iman urang.

    Ku sabab asih Allah,

    Urang kuat nepi panungtungan.