Kisah Para Rasul 20:1-38

  • Paulus di Makédonia jeung Yunani (1-6)

  • Éutikhus dihirupkeun deui di Troas (7-12)

  • Ti Troas ka Milétus (13-16)

  • Paulus panggih jeung para kokolot ti Éfésus (17-38)

    • Ngajar ti imah ka imah (20)

    • ”Leuwih bagja méré” (35)

20  Sanggeus huru-hara éta jempé, Paulus ngumpulkeun murid-murid sarta nguatkeun maranéhna. Tuluy manéhna pamitan jeung indit ka Makédonia.  Sanggeus ngideran daérah éta jeung méré loba kekecapan nu nguatkeun ka dulur-dulur di dinya, manéhna nepi di Yunani.  Manéhna cicing di dinya tilu bulan. Tapi basa rék balayar ka Siria, manéhna nyaho urang Yahudi boga niat rék maéhan manéhna, jadi manéhna mutuskeun balik liwat Makédonia.  Manéhna dibaturan ku Sopater anakna Pirus ti Béréa, Aristarkhus jeung Sékundus ti Tésalonika, Gayus ti Dérbé, Timotius, sarta Tikhikus jeung Trofimus ti Propinsi Asia.  Priya-priya ieu indit ti heula jeung ngadagoan urang-urang di Troas.  Ari urang-urang mah balayar ti Filipi sanggeus Parayaan Roti nu Teu Diragian. Lima poé ti harita urang panggih jeung maranéhna di Troas, terus cicing tujuh poé di dinya.  Dina poé nu kahiji minggu éta, waktu urang-urang keur dahar babarengan, Paulus méré wejangan sabab isukanana manéhna rék indit, ngomongna téh lila nepi ka tengah peuting.  Kumpulna téh di kamar loténg nu dicaangan ku loba lampu.  Tah, aya budak ngora nu ngaranna Éutikhus diuk di jandéla. Basa Paulus keur ngomong, les manéhna kasaréan tibra pisan. Gebut baé ragrag, mangkaning tina loténg katilu. Barang rék diangkat, manéhna geus teu nyawaan. 10  Paulus turun, tuluy nangkub pikeun nangkeup budak éta. Ceuk manéhna, ”Ulah hariwang, budak téh hirup.” 11  Geus kitu, manéhna naék deui ka loténg, nyemplékan roti, tuluy dahar. Manéhna ngomong deui nepi ka isuk, kakara manéhna indit. 12  Tuluy budak lalaki éta dibawa balik. Maranéhna kacida bungahna lantaran budak éta geus hirup deui. 13  Ayeuna urang-urang balayar ti heula naék kapal ka Asos, ari Paulus ka dituna rék leumpang. Manéhna ménta urang-urang ngajemput manéhna di ditu tuluy naék kapal babarengan. 14  Jadi pas panggih di Asos, ku urang-urang manéhna diajak naék kapal, terus ka Mitiléné. 15  Isukna, urang-urang balayar jeung nepi ka Pulo Khios, pagétona nepi di Samos, isukna deui nepi di Milétus. 16  Paulus mutuskeun moal nyimpang ka Éfésus, sangkan teu béak waktu di Propinsi Asia, sabab manéhna hayang buru-buru ka Yérusalém, mun bisa mah nepina téh pas poé Parayaan Péntakosta. 17  Sanajan kitu, ti Milétus, manéhna ngirim pesen ka Éfésus jeung ngageroan para kokolot sidang jamaah. 18  Pas maranéhna datang, Paulus ngomong, ”Aranjeun apal pisan kumaha kahirupan urang ti barang nincak Propinsi Asia. 19  Urang ngalalayanan Gusti* téh ku karendahan haté, bari jeung sering ragragan cipanon jeung ngalaman cocoba nu direncanakeun ku urang Yahudi. 20  Urang gé tara nahan-nahan ngabéjaan aranjeun hal-hal nu mangpaat* atawa nahan-nahan ngajar aranjeun boh di hareupeun umum boh ti imah ka imah. 21  Tapi ka urang Yahudi jeung ka urang Yunani, urang méré kasaksian sajéntré-jéntréna supaya maranéhna tarobat ka Allah jeung boga iman ka Isa Juragan urang saréréa. 22  Ayeuna, urang rék indit ka Yérusalém lantaran dijurung* ku kawasa suci, sanajan urang teu nyaho bakal ngalaman naon di ditu. 23  Urang ngan dibéjaan liwat kawasa suci mangkali-kali di unggal kota yén urang didago ku panjara sarta didodoho ku sangsara. 24  Sanajan kitu, urang teu ngarasa lebar ku nyawa,* nu penting mah ngaréngsékeun tugas palayanan nu dibikeun ka urang ti Juragan Isa nyaéta méré kasaksian sajéntré-jéntréna ngeunaan warta hadé hal welas asih Allah nu taya bandingna.* 25  ”Tah urang apal, ti antara aranjeun nu geus diwawaran hal Pamaréntahan Allah ku urang, moal aya nu panggih deui jeung urang. 26  Jadi urang ngageroan aranjeun poé ieu téh supaya jadi saksi yén urang bersih tina getih* kabéh jalma, 27  sabab urang teu nahan-nahan ngabéjaan aranjeun ngeunaan sakabéh kahayang Allah. 28  Jaga diri ati-ati jeung jaga sakabéh domba Allah, pan aranjeun geus dilantik ku kawasa suci Allah pikeun jadi pangawas supaya ngangon sidang jamaah Allah, nu geus dibeuli ku getih Putra-Na sorangan. 29  Urang apal sanggeus urang indit, ajag-ajag nu sok nindes bakal nyulusup di antara aranjeun, jeung bakal kasar ka domba-domba Allah. 30  Di antara aranjeun gé bakal aya priya-priya nu ngajarkeun hal-hal nu nyimpang, tujuanana téh narik murid-murid supaya mihak ka maranéhna. 31  ”Ku kituna, aranjeun kudu tetep sadar. Sing inget salila tilu taun ieu, beurang peuting urang teu eureun-eureun mapatahan aranjeun masing-masing bari ragragan cipanon. 32  Mugia aranjeun dilindungan ku Allah jeung firman ngeunaan welas asih-Na nu taya bandingna.* Firman éta bakal nguatkeun aranjeun jeung ngabantu aranjeun narima warisan keur kabéh jalma suci. 33  Urang mah teu hayang pérak, emas, atawa baju ti sasaha. 34  Aranjeun apal sorangan, urang nyukupan pangabutuh urang jeung jalma-jalma nu babarengan jeung urang téh ku usaha sorangan. 35  Urang geus némbongkeun yén aranjeun kudu banting tulang siga urang supaya bisa nulungan nu butuh. Sing inget kekecapan Juragan Isa waktu ngomong, ’Leuwih bagja méré tibatan nampa.’” 36  Sanggeus ngomong kitu, manéhna sideku bareng jeung nu séjénna, tuluy ngadoa. 37  Kabéhanana ceurik tingsalegruk bari narangkeup jeung nyariuman Paulus bakating ku nyaah. 38  Maranéhna sakitu sedihna lantaran ceuk Paulus, manéhna moal papanggih deui jeung maranéhna. Geus kitu, Paulus ku maranéhna dianteur ka kapal.

Catetan Tambihan

Atawa ”Juragan”. Yunani: Kyrios. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”nguntungkeun”.
As. ”dibeungkeut”.
Atawa ”teu nganggap nyawa urang aya hargana”.
Atawa ”teu tanggung jawab kana paéhna”.