Pindah kana eusi

Naon Tanda ”Ahir Jaman” téh?

Naon Tanda ”Ahir Jaman” téh?

Jawaban Alkitab

 Alkitab ngajelaskeun kajadian, kaayaan, jeung sipat jalma-jalma anu bakal jadi tanda ”ahir jaman” sarta nu nunjukkeun yén ahir dunya ieu téh geus téréh datang.​—2 Timotius 3:1; Matius 24:3; Daniel 8:19.

Naon waé tanda ”ahir jaman” nu disebutkeun dina Alkitab?

 Alkitab nyebutkeun yén loba hal bakal kajadian, kajadianana téh sakaligus. Hal-hal éta bakal jadi ’tanda’ tina ahir jaman. (Lukas 21:7) Perhatikeun sababaraha contona:

 Aya perang di mana-mana. Isa méré nyaho, ”Bangsa-bangsa bakal silih perangan, karajaan-karajaan ogé silih perangan.” (Matius 24:7) Hal sarupa kitu dicatet ogé dina kitab Wahyu. Wahyu 6:4 nyebutkeun, aya anu numpak kuda beureum, terus manéhna ”ngayakeun perang di bumi”.

 Kalaparan. Isa ngomong, ”Bakal aya kalaparan.” (Matius 24:7) Kitab Wahyu gé nyebutkeun anu numpak kuda hideung bakal nyababkeun kalaparan di mana-mana.​—Wahyu 6:5, 6.

 Lini gedé. Isa ngabéjaan bakal aya ”lini di mana-mana”. (Matius 24:7; Lukas 21:11) Lini-lini gedé di sakuliah dunya nyababkeun leuwih loba jalma sangsara jeung leuwih loba nu maot, tibatan nu enggeus-enggeus.

 Wabah panyakit. Ceuk Isa, bakal aya ”wabah panyakit”.​—Lukas 21:11.

 Kajahatan. Ti baheula kénéh, kajahatan mémang geus aya. Tapi ceuk Isa, dina ahir jaman ’kajahatan bakal beuki loba’.​—Matius 24:12.

 Jalma-jalma ngaruksak bumi. Wahyu 11:18 nyebutkeun yén jalma-jalma bakal ”ngaruksak bumi”. Maranéhna teu paduli kana lingkungan jeung ngahaja ngaruksak alam.

 Sipat jalma-jalma jadi beuki goréng. 2 Timotius 3:1-4 nyebutkeun yén kalolobaan jalma bakal ”tara nganuhunkeun, teu satia, . . . teu daék akur jeung batur, resep mitnah, teu bisa nahan diri, bengis, teu resep kana kahadéan, resep ngahianat, heuras beuheung, gedé hulu”. Dina ahir jaman, sipat-sipat ieu bakal beuki katingali. Ku kituna, kaayaan dina ahir jaman téh bakal ”susah jeung bahaya”.

 Kulawarga papecah. Dina 2 Timotius 3:2, 3, Alkitab geus méré nyaho, loba jalma moal nyaah ka kulawarga. Terus, barudak gé ”teu nurut ka kolot”.

 Jalma-jalma teu nyaah ka Allah. Isa méré nyaho, ”Lantaran kajahatan beuki loba, jadi loba nu leungit kanyaah.” (Matius 24:12) Maksud Isa, loba jalma bakal teu nyaah ka Allah. Sarua jiga kitu, 2 Timotius 3:4 nyebutkeun yén dina ahir jaman, jalma-jalma téh ”leuwih resep senang-senang tibatan nyaah ka Allah”.

 Kamunapékan agama. Dina 2 Timotius 3:5, Alkitab méré nyaho, jalma-jalma bakal katingali soléh padahal sabenerna mah teu nuturkeun patokan hirup ti Allah.

 Jalma-jalma bakal leuwih paham kana hal-hal nu disebutkeun dina Alkitab. Kitab Daniel nyebutkeun yén dina ”ahir jaman”, jalma-jalma bakal leuwih paham kana pangajaran Alkitab, kaasup tanda-tandana nu disebutkeun dina artikel ieu.​—Daniel 12:4.

 Warta hadé bakal diuarkeun di sakuliah dunya. Isa ngomong, ”Warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah bakal diuarkeun ka sakuliah dunya.”​—Matius 24:14.

 Jalma-jalma moal percaya jeung bakal ngaléléwé. Isa nyebutkeun yén kalolobaan jalma moal paduli kana bukti-bukti anu nunjukkeun yén ahir dunya téh geus deukeut. (Matius 24:37-39) Malah, 2 Pétrus 3:3, 4 nyebutkeun, bakal aya nu ngaléléwé. Maranéhna nganggap bukti-bukti éta téh teu aya hartina.

 Kabéh hal anu disebutkeun dina Alkitab téh jadi kanyataan. Isa nyebutkeun, dina ahir jaman, kabéh hal anu disebutkeun dina Alkitab bakal jadi kanyataan sakaligus.​—Matius 24:33.

Bener kitu urang keur hirup dina ”ahir jaman”?

 Bener. Kaayaan dunya jeung catetan dina Alkitab nunjukkeun yén ahir jaman dimimitian dina taun 1914. Harita aya Perang Dunya I. Naon buktina ayeuna téh geus ahir jaman? Mangga tingali vidéo ieu:

 Dina taun 1914, Pamaréntahan Allah mulai maréntah di sorga. Salah sahiji hal anu mimiti dilakukeun ku Pamaréntahan Allah téh nyaéta ngabalangkeun Sétan si Iblis jeung roh-roh jahat ka bumi. (Wahyu 12:7-12) Sétan mangaruhan umat manusa. Ku kituna, jalma-jalma téh boga sipat-sipat goréng sarta ngalakukeun hal-hal goréng. Éta sababna kaayaan ayeuna téh ”susah jeung bahaya”.​—2 Timotius 3:1.

 Loba jalma jadi strés lantaran hirup dina mangsa anu susah ieu. Maranéhna hésé akur jeung batur. Aya ogé nu sieun dunya ieu bakal ancur.

 Tapi sanajan kaayaan ayeuna téh susah, loba ogé jalma anu boga harepan. Maranéhna yakin sakeudeung deui Pamaréntahan Allah bakal nyingkirkeun kabéh masalah di dunya ieu. (Daniel 2:44; Wahyu 21:3, 4) Maranéhna terus ngadagoan jangji-jangji Allah jadi kanyataan. Maranéhna gé dikuatkeun ku kekecapan Isa, ”Nu tabah nepi ka ahir, bakal disalametkeun.”​—Matius 24:13; Mika 7:7.