Pindah kana eusi

Kumaha Pandangan Alkitab Ngeunaan Pandémi?

Kumaha Pandangan Alkitab Ngeunaan Pandémi?

Jawaban Alkitab

 Alkitab ngaramalkeun bakal aya loba pagebug (wabah panyakit, kaasup pandémi) dina ahir jaman. (Lukas 21:11) Pandémi téh lain hukuman ti Gusti. Sabalikna, moal lila deui Gusti téh bakal ngaleungitkeun sakabéh panyakit kaasup pandémi.

 Na Alkitab geus ngaramalkeun pandémi?

 Alkitab teu ngaramalkeun bakal aya COVID-19, AIDS, atawa flu Spanyol. Tapi, Alkitab ngaramalkeun bakal aya ”pagebug” jeung wabah nu bisa nyababkeun maot. (Lukas 21:11; Wahyu 6:8) Kajadian-kajadian ieu téh mangrupa tanda ”jaman ahir” atawa disebut ogé ”galagat ahir jaman”.—2 Timoteus 3:1; Mateus 24:3.

 Gusti pernah teu ngahukum manusa ku panyakit?

 Alkitab nyebutkeun sababaraha kajadian waktu Gusti ngahukum jalma ku panyakit. Contona, Mantenna pernah nyababkeun sababaraha jalma beunang lépra. (Bilangan 12:1-16; 2 Raja 5:20-27; 2 Babad 26:16-21) Tapi, panyakit éta mah teu nyebar ka jalma-jalma nu bener. Ieu hukuman keur jalma-jalma nu jelas-jelas barontak ka Gusti.

 Na pandémi ayeuna téh hukuman ti Gusti?

 Lain. Loba nu nganggap, Gusti téh ngahukum jalma-jalma ku pandémi jeung panyakit-panyakit. Tapi, Alkitab teu nyebutkeun siga kitu. Terus naon ceuk Alkitab?

 Boh baheula boh ayeuna, umat Allah gé aya nu beunang ku panyakit. Contona saurang hamba Allah nu satia nu ngaranna Timoteus. Alkitab nyebutkeun, manéhna téh jalma nu ”geringan”. (1 Timoteus 5:23) Tapi, Alkitab teu nyebutkeun panyakitna téh mangrupa tanda mun Gusti teu resep ka manéhna. Kitu ogé, aya sababaraha umat Gusti nu gering atawa boga panyakit parah. Jadi lamun maranéhna gering, éta disababkeun ku kajadian nu teu disangka-sangka.—Pandita 9:11.

 Alkitab ngajarkeun Gusti téh bakal ngahukum jalma jahat, tapi lain ayeuna. Ayeuna mah urang keur hirup dina ”poena pikeun disalametkeun”. Gusti keur ngondang jalma-jalma pikeun ngaraket ka Mantenna supaya bisa disalametkeun. (2 Korinta 6:2) Salah sahiji carana liwat kagiatan pangwawaran di sakuliah dunya nu ngawartakeun ”Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga”.—Mateus 24:14.

 Pandémi téh aya ahirna teu?

 Tangtu. Alkitab ngaramalkeun yén sakeudeung deui moal aya nu gering deui. Waktu Karajaan Gusti geus maréntah, Gusti bakal nyageurkeun kabéh jalma. (Yesaya 33:24; 35:5, 6) Mantenna bakal ngaleungitkeun kasangsaraan, kanyeri, jeung maot. (Wahyu 21:4) Mantenna gé bakal ngahirupkeun deui jalma nu geus maot. Ku kituna, maranéhna bisa hirup di bumi dina kaayaan nu séhat jeung sampurna.—Jabur 37:29; Rasul 24:15.

 Ayat-ayat Alkitab ngeunaan panyakit

 Mateus 4:23: ”Yesus ngider ka sakuliah Galilea, hutbah di imah-imah ibadah, ngawulangkeun Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Sawarga, nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.”

 Hartina: Mujijat Yésus téh ngan conto leutik tina naon nu bakal dilaksanakeun ku Karajaan Gusti pikeun umat manusa.

 Lukas 21:11: ”Bakal sering aya . . . pagebug.”

 Hartina: Wabah panyakit téh mangrupa salah sahiji tanda ahir jaman.

 Wahyu 6:8: ”Kaula nenjo hiji kuda warna pias. Anu tumpakna dingaranan Paeh, dibarengan ku Alam Paeh anu nuturkeun deukeut pisan ti tukangeunana; duanana diserenan kawasa pikeun maehan manusa . . . ku pagebug.”

 Hartina: Ramalan ngeunaan opat mahluk nu tumpak kuda nandakeun yén bakal aya pandémi di jaman urang.