Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA | CARANA NGADIDIK BUDAK

Carana Ngabantu Barudak Supaya Teu Kapangaruhan ku Berita Goréng

Carana Ngabantu Barudak Supaya Teu Kapangaruhan ku Berita Goréng

 Ayeuna loba pisan berita goréng nu bisa urang tingali atawa déngé tina TV, telepon, tablét, jeung komputer. Biasana dina berita siga kitu téh sok ditémbongkeun vidéo anu ngalantarankeun jalma-jalma jadi sieun jeung trauma.

 Barudak leutik gé bisa waé ningali berita anu siga kitu.

 Nah, kumaha carana ngabantu barudak anjeun supaya teu kapangaruhan ku berita goréng siga kitu?

 Kumaha barudak bisa kapangaruhan ku berita?

  •   Loba budak ngarasa sieun jeung hariwang sanggeus ningali kajadian goréng dina berita. Kajadian nu goréng téh bisa gedé pisan pangaruhna keur barudak. Tapi, sababaraha barudak embung nyaritakeun kumaha parasaan manéhna. a Barudak bisa jadi leuwih hariwang lamun kolotna gé sieun jeung hariwang.

  •   Barudak bisa waé salah paham waktu ningali berita. Misalna, aya barudak anu mikir yén kajadian goréng dina berita téh bakal kaalaman ogé ku kulawargana. Terus aya ogé budak nu mikir hal goréng téh teterusan kajadian, padahal nu ditempo ku manéhna téh ngan hiji kajadian tapi ditémbongkeun mangkali-kali dina berita.

  •   Barudak meureun teu paham yén sakapeung berita téh osok dileuwih-leuwihkeun. Barudak meureun teu nyaho yén kantor berita bakal meunang untung gedé lamun loba jalma nongton beritana. Jadi, sakapeung berita téh osok dileuwih-leuwihkeun supaya nu nongtonna loba.

 Kumaha anjeun bisa mantuan barudak supaya teu hariwang teuing sanggeus ningali berita?

  •   Upayakeun supaya barudak teu sering ningali atawa ngadéngé berita goréng. Ieu lain hartina barudak sama sakali teu meunang nyaho naon-naon ngeunaan kajadian nu aya di dunya. Tapi, teu alus mun barudak sering ningali atawa ngadéngé berita goréng.

     ”Sakapeung, abdi jeung salaki téh sok ngobrolkeun ngeunaan berita. Abdi teu sadar, mun barudak sering ngadéngékeun urang ngobrolkeun hal éta, maranéhna bisa waé jadi hariwang.”​—Maria.

     Prinsip Kitab Suci: ”Parasaan hariwang dina haté manusa téh bisa jadi beban.”​—Siloka 12:25, Terjemahan Dunia Baru.

  •   Déngékeun barudak jeung tunjukkeun yén anjeun ngarti kana parasaan manéhna. Mun budak teu bisa nyaritakeun parasaanana, anjeun bisa ménta manéhna ngungkabkeun parasaanana liwat gambar. Waktu ngobrol jeung barudak, ulah ngagunakeun istilah anu teu dipikaharti ku maranéhna. Terus, ulah loba teuing nyarita ngeunaan kajadian nu goréng.

     ”Biasana mun urang geus ngobrol, budak awéwé abdi téh jadi leuwih tenang. Tapi ulah ngomong, ’Nya, kaayaan dunya ayeuna mah mémang kieu, urang geus teu kudu héran.’”​—Sarahi.

     Prinsip Kitab Suci: ”Unggal jalma kudu gancang ngadéngé, ulah gancang ngomong.”​—Yakobus 1:19.

  •   Bantu barudak boga pandangan nu saimbang ngeunaan berita. Misalna, mun barudak ningali berita penculikan, maranéhna bisa waé mikir yén hal éta téh sering kajadian. Jadi, anjeun bisa ngayakinkeun barudak yén anjeun bakal ngalindungan maranéhna. Bantu barudak sangkan ngarti yén kajadian éta téh sabenerna langka, matakna diasupkeun kana berita.

     ”Bantu barudak supaya teu hariwang teuing. Biasana parasaan téh asalna tina pikiran. Jadi, bantu barudak pikeun mikirkeun hal-hal nu positif supaya maranéhna jadi leuwih tenang.”​—Lourdes.

     Prinsip Kitab Suci: ”Jalma berbudi mah memeh ngomong dipikir heula, jadi anu diucapkeunana teh bisa leuwih ngayakinkeun.”​—Siloka 16:23.

a Budak leutik anu kasieunan biasana osok ngompol waktu saré atawa sieun indit ka sakola sarta ngajauh ti kolotna.