Pindah kana eusi

Maranéhna Maké Tanda Segitiga Ungu

Maranéhna Maké Tanda Segitiga Ungu

 Maud nu cicing di Prancis digawé di hiji sakolaan. Manéhna jadi asistén guru nu ngajar murid-murid nu boga kabutuhan husus. Anyaran ieu, murid-murid diajar ngeunaan Holocaust jeung kamp-kamp konséntrasi dina jaman Nazi. Para tahanan kudu ngagunakeun tanda nu ditapelkeun kana baju maranéhna. Warna jeung bentukna nunjukkeun ku naon maranéhna dipanjara.

 Ngeunaan segitiga warna ungu nu dipaké ku sababaraha tahanan, guruna ngomong, ”Jigana mah maranéhna dibéré tanda éta lantaran homo.” Sanggeus kelasna réngsé, Maud ngajelaskeun ka éta guru yén baheula Nazi méré tanda segitiga ungu keur nyirikeun Saksi-Saksi Yéhuwa. a Terus, Maud nawarkeun daék teu dibawakeun sababaraha informasi ngeunaan hal éta. Guru éta daékeun, tuluy ménta Maud ngajelaskeun informasi éta ka para murid.

 Terus, aya ogé kelas séjén nu ngabahas hal nu sarua. Tapi, guru nu ayeuna mah maké bagan nu nunjukkeun rupa-rupa lambang nu digunakeun ku para tahanan. Tah nu ayeuna mah bener, baganna nunjukkeun segitiga ungu téh nyirikeun Saksi-Saksi Yéhuwa. Sanggeus kelasna réngsé, Maud ogé nawarkeun informasi nu sarua ka guru éta. Guruna daékeun sarta ménta Maud ngajelaskeunana ka para murid.

Maud nyekel publikasi-publikasi nu digunakeunana

 Maud geus rencana rék nepikeun informasi éta salila 15 menit ka kelas nu mimiti. Tapi pas prakna, manéhna dibéjaan, ”Sok paké wéh sajam.” Jadi, Maud nyetélkeun vidéo dokuméntasi ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa nu dikaniaya ku Nazi. Di dinya dicaritakeun Nazi téh misahkeun 800 budak Saksi ti kolotna. Pas keur disetél, vidéona dieureunkeun di tengah-tengah. Terus, Maud macakeun pangalaman ti tilu budak Saksi. Sanggeus vidéona bérés, Maud macakeun hiji surat nu ditulis dina taun 1940. Nu nulisna téh budak ngora ti Austria nu umurna 19 taun, ngaranna Gerhard Steinacher. Gerhard nulis surat ieu keur kolotna ngan sababaraha jam saacan manéhna dihukum pati ku Nazi. b

 Di kelas anu kadua, Maud gé nepikeun bahan nu méh sarua. Untung Maud téh wani. Ayeuna mah lamun nerangkeun ngeunaan para tahanan di kamp-kamp konséntrasi Nazi, dua guru tadi pasti nyebutkeun Saksi-Saksi Yéhuwa..

a Salila Perang Dunya II, Saksi-Saksi Yéhuwa di Jerman dikenal sabagé Bibelforscher (Siswa-Siswa Alkitab). Maranéhna ditahan lantaran embung ngadukung pamaréntahan Nazi.

b Gerhard Steinacher dihukum pati sabab embung jadi tantara Jerman. Dina suratna, manéhna nulis, ”Abdi ngora kénéh. Abdi bisa pengkuh kieu téh lantaran dibéré kakuatan ku Gusti, nya mémang éta nu abdi pénta ka Gusti.” Isukanana, Gerhard dihukum pati. Dina batu nisanna dituliskeun kieu, ”Manéhna maot demi kamulyaan Gusti.”