Pindah kana eusi

Saurang Pandéta Meunang Jawaban

Saurang Pandéta Meunang Jawaban

 Hiji poé, saurang Saksi Yéhuwa nu ngaranna Eliso, mandu palajaran Alkitab jeung saurang awéwé di imahna. Terus, ujug-ujug aya tamu datang. Nu datang téh saurang pandéta jeung pamajikanana. Eliso geus ngadéngé yén putra maranéhna nu ngan hiji-hijina téh kakara maot.

 Waktu Eliso ngomong yén manéhna gé ngiring sungkawa, éta pandéta jeung pamajikanana ceurik ngagukguk. Terus bari ambek, éta pandéta ngomong, ”Abdi teu paham ku naon Allah ngantep cocoba nu beurat kawas kieu! Mani téga Mantenna nyokot hiji-hijina putra abdi! Abdi geus ngalalayanan Allah salila 28 taun jeung ngalakukeun loba hal hadé. Balesanana téh kieu? Ku naon Allah maéhan putra abdi?”

 Eliso ngajelaskeun ka maranéhna yén lain Allah nu nyokot putra maranéhna. Eliso gé ngabahas topik-topik saperti tebusan, dihirupkeunana deui nu maot, jeung ku naon Allah ngantep hal goréng kajadian. Pandéta éta jeung pamajikanana ngomong yén nu dijelaskeun ku Eliso téh jawaban doa maranéhna.

 Minggu hareupna, éta pandéta jeung pamajikanana ngagabung pikeun diajar Alkitab babarengan jeung awéwé tadi. Eliso ngabahas pasal ”Harapan Sejati bagi Orang-Orang Tercinta yang Telah Meninggal” tina buku Apa yang Sebenarnya Alkitab Ajarkan? Pasangan éta sumanget pisan ngabahas topik ieu.

 Sanggeus kitu, duanana hadir dina kongrés istiméwa Saksi-Saksi Yéhuwa di Tbilisi, Georgia. Maranéhna tajub pisan ningali kanyaah jeung kasatunggalan Saksi-Saksi Yéhuwa nu luar biasa. Salila ieu, maranéhna ngajarkeun hal-hal éta ka anggota garéjana, tapi taya hasilna.