Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Boga Kaom Pendéta nu Digajih?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Boga Kaom Pendéta nu Digajih?

 Saksi-Saksi Yéhuwa nuturkeun conto Kakristenan abad kahiji, teu aya golongan pendéta jeung golongan jalma biasa. Kabéh nu geus dibaptis téh rohaniwan nu dilantik pikeun ngawawar jeung ngajar. Para Saksi dikelompokkeun dina sidang-sidang jamaah nu masing-masing anggotana kira-kira 100 urang. Priya-priya nu kuat rohanina ngawula sabagé ”tua-tua jamaah”, atawa kokolot sidang. (Titus 1:5) Maranéhna teu digajih.