Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Narima Parawatan Médis?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Narima Parawatan Médis?

 Tangtu, Saksi-Saksi Yéhuwa daék narima pangobatan jeung parawatan médis. Urang ngajaga awak sangkan tetep séhat, tapi sakapeung, urang ”perlu doktor”. (Lukas 5:31) Malahan, siga urang Kristen di abad kahiji nu ngaranna Lukas, sababaraha Saksi Yéhuwa téh dokter.—Kolosa 4:14.

 Sababaraha parawatan ngalanggar prinsip Alkitab. Ku kituna, urang nampik éta parawatan. Contona, urang teu narima transfusi getih ku sabab Alkitab ngalarang urang ngasupkeun getih kana awak. (Rasul 15:20) Kitu ogé, Alkitab ngalarang parawatan kaséhatan nu aya patalina jeung hal-hal gaib.—Galata 5:19-21.

 Sanajan kitu, lolobana parawatan médis teu ngalanggar prinsip Alkitab. Jadi, unggal jalma kudu nyieun putusan sorangan. Aya Saksi nu bisa waé narima hiji pangobatan atawa parawatan, tapi Saksi séjénna nolak.—Galata 6:5.