Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa téh Kultus?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa téh Kultus?

 Lain, Saksi-Saksi Yéhuwa lain kultus. Sabalikna, Saksi-Saksi Yéhuwa téh urang Kristen nu sabisa-bisa nyonto tuladan Yésus Kristus sarta hirup luyu jeung pangajaranana.

Naon kultus téh?

 Istilah ”kultus” dihartikeun béda-béda ku loba jalma. Tapi, perhatikeun dua pandangan nu umum ngeunaan kultus sarta alesanana éta teu cocog pikeun ngagambarkeun Saksi-Saksi Yéhuwa.

  •   Aya nu nganggap kultus téh agama anyar nu mahiwal. Saksi-Saksi Yéhuwa teu nyieun agama anyar. Sabalikna, urang nyaluyukeun ibadah urang jeung cara ibadah sarta pangajaran urang Kristen abad kahiji nu dicatet dina Alkitab. (2 Timoteus 3:16, 17) Urang percaya yén Kitab Suci kudu jadi patokan dina ibadah.

  •   Aya nu nganggap kultus téh agama nu bahaya nu dipingpin ku saurang jalma. Saksi-Saksi Yéhuwa teu nganggap manusa sabagé pamingpin maranéhna. Sabalikna, urang nuturkeun patokan nu ditetepkeun ku Yésus waktu anjeunna ngomong, ”Nu jadi pamingpin teh ngan hiji nya eta Kristus.”—Mateus 23:10.