Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 81

Hirupna Panaratas

Hirupna Panaratas

(Pandita 11:6)

  1. 1. Saméméh katémbong panonpoé isuk,

    Urang siap-siap

    najan tunduh, urang ngadoa.

    Ngawawar di jalan ka jalma nu panggih,

    Aya anu minat,

    aya nu acuh, urang satia.

    (REFREIN)

    Ieu nu dipilih,

    Hirup keur Yéhuwa.

    Ngalaksanakeun paménta-Na.

    Satia ngabakti,

    Panas ogé hujan.

    Ieu cara urang némbongkeun kanyaah.

  2. 2. Waktuna geus soré, panonpoé surup,

    Awak asa capé,

    haté bungah, urang ngadoa.

    Bagjana ngawula, méré panghadéna.

    Nuhun ka Yéhuwa,

    lantaran narima berkah-Na.

    (REFREIN)

    Ieu nu dipilih,

    Hirup keur Yéhuwa.

    Ngalaksanakeun paménta-Na.

    Satia ngabakti,

    Panas ogé hujan.

    Ieu cara urang némbongkeun kanyaah.