Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 39

Miboga Ngaran nu Seungit Payuneun Allah

Miboga Ngaran nu Seungit Payuneun Allah

(Pandita 7:1)

  1. 1. Sapanjang hirup, urang ngupayakeun

    Ngaran nu seungit di payuneun Huwa.

    Mun urang t’rus taat, nu bener lampahkeun,

    Matak nyukakeun manah Huwa.

  2. 2. Taya gunana hayang sohor ngaran,

    Dipuja dunya, néang kamashuran,

    Sabab lamun urang jadi sobat dunya,

    Moal kamanah ku Yéhuwa.

  3. 3. Urang miharep sangkan ngaran urang

    Salalawasna diémut ku Huwa.

    Mun ngandel ka Allah, ngabéla Firman-Na,

    Ngaran nu seungit, urang jaga.