Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 151

Yéhuwa Bakal Nyauran

Yéhuwa Bakal Nyauran

(Ayub 14:13-15)

  1. 1. Lir halimun, hirupna manusa,

    Teu lila, gancang sirna.

    Ngan nyésakeun kasedih, kapeurih,

    Keur nu dipikaasih.

    Na urang bisa papanggih deui?

    Regepkeun jangji Gusti:

    (REFREIN)

    Yéhuwa nyaur nu maot,

    Maranéhna némbalan,

    Sabab Yéhuwa sono

    Ka mahluk kagungan-Na.

    Saksian dina waktuna,

    Nu maot dihudangkeun,

    Hirup bagja s’lawasna

    Salaku ciptaan-Na.

  2. 2. Sobat Allah sanajan geus maot

    Moal dipopohokeun.

    Anu aya di émutan Huwa

    Bakal diharudangkeun.

    Urang sadaya hirup s’lawasna

    Di Pirdaus nu éndah.

    (REFREIN)

    Yéhuwa nyaur nu maot,

    Maranéhna némbalan,

    Sabab Yéhuwa sono

    Ka mahluk kagungan-Na.

    Saksian dina waktuna,

    Nu maot dihudangkeun,

    Hirup bagja s’lawasna

    Salaku ciptaan-Na.