Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 141

Kahirupan téh Mujijat

Kahirupan téh Mujijat

(Jabur 36:10)

  1. 1. Lahirna anak, clakna cihujan,

    Éndahna panonpoé sarta béntang,

    Éta mujijat, berkah ti Allah,

    Nu nunjang kahirupan urang sadaya.

    (REFREIN)

    Naon pamulangna urang ka Huwa

    Salian ti nyaah ka Allah tur sasama?

    Ieu kurnia nu pohara luhurna,

    Kahirupan urang mujijat ti Allah.

  2. 2. Loba nu aral, pegat harepan,

    Sarta teu ngahargaan kahirupan.

    Tapi urang mah mulyakeun Allah,

    Nganuhunkeun kana hirup anu éndah.

    (REFREIN)

    Naon pamulangna urang ka Huwa

    Salian ti nyaah ka Allah tur sasama?

    Ieu kurnia nu pohara luhurna,

    Kahirupan urang mujijat ti Allah.