Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Gulungan Kuno nu Geus Bisa Kabaca

Gulungan Kuno nu Geus Bisa Kabaca

Sanggeus kapanggih dina taun 1970, potongan ti gulungan Ein Gedi nu geus kaduruk ieu teu bisa kabaca. Ku alat pindai 3-D, gulungan ieu bisa kabaca jeung eusina téh bagian tina buku Imamat nu ngamuat nami Allah

TAUN 1970, para arkéolog manggihan gulungan nu geus kaduruk di Ein Gedi, Israel, deukeut basisir Laut Paéh beulah kulon. Éta kapanggih waktu keur ngali sinagoga, nu geus kaduruk waktu désana diancurkeun kira-kira dina abad kagenep M. Gulungan ieu teu bisa dibaca lantaran geus kaduruk jeung lamun dibuka gé gulunganana bakal ancur. Ku ayana alat pindai 3-D jeung program komputer nu canggih, eusi gulungan ieu ayeuna bisa kabaca.

Naon eusina? Gulungan ieu téh naskah Alkitab. Bagian nu masih kénéh aya téh nyaéta sababaraha ayat tina buku Imamat bagian awal. Dina ayat-ayat éta aya nami Allah dina basa Ibrani nu ngagunakeun Tétragramaton. Gulungan ieu katingalina ditulis antara taun 50 M jeung 400 M. Ku kituna, ieu téh gulungan Kitab Ibrani nu pangheubeulna sanggeus Gulungan Laut Paéh (Qumran). Gil Zohar nulis dina koran The Jerusalem Post yén saméméh gulungan buku Imamat ti Ein Gedi bisa kabaca, aya jarak waktu kira-kira 1.000 taun tina naskah Alkitab nu pangheubeulna nyaéta Gulungan Laut Paéh (kira-kira ti taun 100 SM.) nepi ka Kodéks Aleppo (kira-kira ti taun 930 M.). Numutkeun para ahli, naskah nu ahirna bisa kabaca ieu ngabuktikeun yén téks Masorét ngeunaan Torét teu barobah salila rébuan taun jeung kasalahan ti jalma-jalma nu nyalinna teu ngarobah téksna.