Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Mun nyaah ka batur, urang bakal mikirkeun batur jeung moal mentingkeun diri sorangan

Carana Mikanyaah Batur

Carana Mikanyaah Batur

Kabéh manusa téh turunan Adam, jadi sabenerna urang kabéh sakulawarga. Nu ngaranna kulawarga mah kuduna silih pikanyaah jeung silih hormat. Tapi, ayeuna jalma-jalma teu jiga kitu. Ieu téh lain kahayang Gusti.

CEUK KITAB SUCI NGEUNAAN KANYAAH

”Kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan.”​—IMAMAT 19:18.

”Ka musuh ge kudu nyaah.”​—MATEUS 5:44.

NAON MAKSUDNA NYAAH KA BATUR?

Urang kudu nyaah ka batur jiga kumaha? Perhatikeun nu dijelaskeun ku Gusti dina 1 Korinta 13:4-7:

”Sipatna kanyaah teh sabar jeung alus budi.”

Pikirkeun: Kumaha rasana mun batur bageur jeung sabar ka anjeun, sarta teu gancang ambek waktu anjeun nyieun salah?

Sipatna kanyaah téh ”teu sirikan”.

Pikirkeun: Kumaha rasana mun batur curigaan jeung sirik ka anjeun?

Sipatna kanyaah téh ”tara mentingkeun maneh”.

Pikirkeun: Kumaha rasana mun batur ngahargaan pamikiran anjeun jeung teu keukeuh kana pamikiranna sorangan?

Sipatna kanyaah téh ”tara ngunek- ngunek ku kasalahan batur”.

Pikirkeun: Gusti réla ngahampura jalma nu tobat tina dosana. Gusti ”tara terus nyeuseul salawasna, tara terus bendu”. (Jabur 103:9) Urang pasti bungah mun batur ngahampura kasalahan urang. Jadi, urang gé sakuduna réla ngahampura kasalahan batur.​—Jabur 86:5.

”Sipatna kanyaah teh teu resepeun kana hal nu jahat.”

Pikirkeun: Urang embung batur mupuas pas urang keur susah. Jadi, urang gé kuduna teu mupuas batur nu keur susah, sanajan urang ngarasa manéhna geus jahat ka urang.

Mun hayang diberkahan ku Gusti, urang kudu nyaah ka batur jiga kitu. Teu sual saha jalmana, urang kudu daék nulungan manéhna.