Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Urang Butuh Dunya nu Leuwih Hadé!

Urang Butuh Dunya nu Leuwih Hadé!

Saurang sékertaris-jénderal Perserikatan Bangsa-Bangsa, António Guterres, nyebutkeun, ”Urang hirup di dunya nu kacow.” Na Anjeun satuju?

Eusi berita ayeuna lolobana hal-hal nu goréng, misalna

  • Panyakit jeung pandémi

  • Musibat alam

  • Kamiskinan jeung kalaparan

  • Polusi jeung pemanasan global

  • Kajahatan, kakerasan, jeung korupsi

  • Perang

Jelas pisan, urang téh butuh dunya nu leuwih hadé nu nyadiakeun

  • Kaséhatan nu sampurna

  • Kaayaan nu aman keur kabéh jalma

  • Loba kadaharan

  • Lingkungan nu séhat

  • Kaadilan keur kabéh jalma

  • Dunya nu rukun

Dunya nu siga kumaha nu leuwih hadé téh?

Bakal kumaha dunya nu dicicingan ku urang ayeuna?

Kumaha carana supaya urang bisa hirup di dunya nu leuwih hadé?

Warta Hadé édisi ieu nyadiakeun jawaban Kitab Suci nu ngalilipur keur pananya-pananya ieu.