Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naon Pamaréntahan Allah téh?

Naon Pamaréntahan Allah téh?

Loba jalma sok ngadoakeun sangkan Pamaréntahan Allah gancang ngadeg. Tapi sabenerna, naon Pamaréntahan Allah téh? Sarta naon nu bakal diwujudkeunana?

KIEU CEUK KITAB SUCI:

  • Naon Pamaréntahan Allah téh?

    Éta téh pamaréntahan nu aya di sorga sarta dipingpin ku Isa Al-Masih.​—Yesaya 9:6, 7 a; Matius 5:3; Lukas 1:31-33.

  • Naon nu bakal diwujudkeun ku Pamaréntahan Allah?

    Éta pamaréntahan bakal ngaleungitkeun kabéh hal jahat sarta mawa katengtreman nu langgeng keur rahayatna di bumi.​—Daniel 2:44; Matius 6:10.

  • Naon maksudna utamakeun heula tunduk ka Pamaréntahan Allah?

    Urang ngadukung Pamaréntahan Allah sarta yakin yén ngan pamaréntahan éta nu bisa ngawujudkeun rencana Allah pikeun planét bumi.​—Matius 6:33; 13:44.

[Catetan Handap]

a Kutipan ayat tina Kitab Yesaya jeung Daniel dina artikel ieu dicandak tina KITAB SUCI © LAI 1991.