Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Ramalan nu Geus Ngawujud

Ramalan nu Geus Ngawujud

Dina carita saacanna, Kroésus téh éléh ngalawan raja Pérsia lantaran kasasabkeun ku ramalan saurang tukang ramal ti Délfi. Sabalikna dina Alkitab, ramalan ngeunaan raja Pérsia ieu ngawujud nepi ka rincian pangleutikna.

Kira-kira 200 taun saacanna, saacan Raja Korés lahir, nabi Yésaya geus nyebutkeun ngaranna jeung nyaritakeun kumaha manéhna bakal ngéléhkeun karajaan Babilon nu kuat pisan.

Yesaya 44:24, 27, 28 a: ”Kami PANGERAN, . . . ’ku timbalan kami sakecap, laut saat. Kami nimbalan ka Kores ”Nya maneh nu kudu jadi wakil Kami, nyekel parentah. Kudu ngajalankeun pangersa Kami. Parentahkeun: Yerusalem kudu diadegkeun deui, pademen Bait Kami pasang deui.”’”

Ceuk ahli sajarah Hérodotus ti Yunani, pasukan Korés méngkolkeun aliran cai ti Walungan Éfrat nu ngalir ka kota Babilon. Ku lantaran siasat Korés ieu, pasukanna bisa meuntasan walungan nu geus saat. Sanggeus kotana diéléhkeun, Korés ngabébaskeun urang Yahudi nu geus ditawan di Babilon jeung ngidinan maranéhna balik pikeun ngabangun deui Yérusalém nu geus diancurkeun 70 taun saacanna.

Yesaya 45:1: ”PANGERAN geus milih Kores jadi raja. Ku Mantenna bakal dipangmukakeun gapura kota-kota, sina nalukkeun raja-raja, ngarangsadan kakawasaanana. Kieu timbalan PANGERAN ka Kores.”

Pasukan Pérsia bisa asup ka éta kota liwat gapura dina témbok kota, atawa panto gerbang, nu diantep tetep muka. Lamun urang Babilon apaleun kana rencana Korés, meureun kabéh panto gerbang ka walungan téh geus ditararutup, tapi hanjakalna harita éta kota teu dijaga.

Ieu téh ngan salah sahiji tina sakitu lobana ramalan dina Alkitab anu geus ngawujud. b Ramalan manusa mah asalna ti déwa-déwa palsu, ari ramalan dina Kitab Suci mah asalna tina Gusti nu nyebutkeun, ”Sakur anu enggeus kajadian, ku Kami geus diwejangkeun ti samemehna, didawuhkeunana geus ti baheulana keneh.”​—Yesaya 46:10.

Ngan Gusti anu sajati anu ngaranna Yéhuwa, nu bisa ngaramal siga kieu. Harti ngaranna téh ”Anjeunna nu Ngawujudkeun”. Éta hartina Gusti sanggup ningali sarta ngatur hal-hal nu bakal kajadian ka hareupna luyu jeung tujuana-Na. Harti ngaran ieu ngayakinkeun urang yén kabéh nu dijangjikeun Gusti téh pasti bakal ngawujud.

RAMALAN NU KEUR NGAWUJUD AYEUNA

Naha anjeun hayang terang naon ramalan Alkitab ngeunaan jaman urang ayeuna? Dua rébu taun kapungkur Alkitab ngaramalkeun yén ”dina ahir jaman, kaayaanana téh bakal susah jeung bahaya”. Ahir jaman téh naon? Lain ahir ti planét bumi atawa umat manusa, tapi ahir ti kasangsaraan nu kaalaman ku umat manusa salila mangrébu-rébu taun. Hayu urang tingali sababaraha ramalan nu keur ngawujud ngeunaan ”ahir jaman”.

2 Timotius 3:1-5: ”Dina ahir jaman . . . , jalma-jalma ngan nyaah ka dirina sorangan, mata duitan, gedé omong, sombong, sok ngahina, teu nurut ka kolot, tara nganuhunkeun, teu satia, teu nyaahan, teu daék akur jeung batur, resep mitnah, teu bisa nahan diri, bengis, teu resep kana kahadéan, resep ngahianat, heuras beuheung, gedé hulu, leuwih resep senang-senang tibatan nyaah ka Allah, jeung di hareupeun batur mah siga jalma soléh padahal hirupna teu kitu.”

Naha anjeun satuju kalakuan jalma-jalma ayeuna téh siga kitu? Naha anjeun ngarasakeun jalma-jalma disakuriling anjeun téh égois, cinta kana duit, jeung sombong? Naha anjeun merhatikeun jalma-jalma ayeuna mah osok nungtut jeung hésé akur jeung batur? Anjeun gé pasti ningali kalolobaan budak ayeuna mah teu taat ka kolot. Jalma ayeuna ogé leuwih resep senang-senang tibatan nyaah ka Allah. Beuki ka dieu, hal-hal ieu téh beuki parah.

Matius 24:6, 7: ”Maranéh bakal ngadéngé dur-derna perang jeung béja-béja ngeunaan perang. . . . Bangsa-bangsa bakal silih perangan, karajaan-karajaan ogé silih perangan.”

Kira-kira aya 100 juta leuwih jalma nu maot ti saprak pangperangan taun 1914. Jumlah éta téh leuwih loba ti jumlah jalma-jalma di loba nagara. Bayangkeun kumaha sedihna jeung susahna jalma-jalma ku lantaran perang. Tapi, tetep waé nagara-nagara masih kénéh perang.

Matius 24:7: ”Bakal aya kalaparan jeung lini di mana-mana.”

Program Pangan Dunia nyebutkeun: ”Di dunya ieu, sabenerna manusa ngahasilkeun dahareun nu cukup keur kabéh jalma. Najan kitu, aya 815 juta jalma, atawa hiji ti salapan jalma, nu unggal poéna kalaparan. Malah, hiji ti tilu jalma ngalaman kakurangan gizi.” Unggal taunna, kira-kira aya tilu juta budak leutik nu maot lantaran kalaparan.

Lukas 21:11: ”Bakal aya lini gedé.”

Unggal taunna, aya 50.000 lini nu gedéna téh bisa karasa ku manusa. Kira-kira, aya 100 lini nu bisa ngaruksak bangunan, tuluy aya hiji lini nu gedé pisan nu kajadian unggal taunna. Kira-kira dina taun 1975 nepi ka taun 2000, aya 471.000 jalma nu maot ku lantaran lini.

Matius 24:14: ”Warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah bakal diuarkeun ka sakuliah dunya supaya kadéngé ku kabéh bangsa, geus kitu kakara ahir éta datang.”

Leuwih ti dalapan juta Saksi Yéhuwa geus nyebarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah ka kira-kira 240 nagri. Warta hadé ieu disebarkeun ka jalma-jalma nu aya di kota-kota gedé, désa-désa, leuweung, sarta pagunungan. Ramalan éta nyebutkeun, lamun Allah nganggap kagiatan éta geus réngsé, ”kakara ahir éta datang”. Naon hartina? Éta hartina pamaréntahan manusa bakal enggeusan, terus diganti ku Pamaréntahan Allah. Jangji naon waé nu bakal ngawujud dina Pamaréntahan Allah? Mangga baca artikel-artikel saterusna.

a Kutipan ayat tina Kitab Yesaya dina artikel ieu dicandak tina KITAB SUCI © LAI 1991.