Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 1

Naha Allah Maliré ka Urang?

Naha Allah Maliré ka Urang?

DUNYA ayeuna pinuh ku masalah. Perang, musibat alam, panyakit, kamiskinan, korupsi, jeung masalah séjénna nyangsarakeun jutaan jalma. Panginten Sadérék ogé mayunan masalah sadidinten. Saha nu tiasa nulungan urang? Naha aya nu maliré urang?

Kanyaah Allah ka urang leuwih gedé ti batan kanyaah indung ka orokna

Urang tiasa yakin yén Allah maliré pisan ka urang. Dina Kitab Suci, Mantenna nyabda, ”Ari indung naha sok pohoeun ka orokna? Naha sok teu nyaaheun ka anak tegesna? Tapi najan aya ge indung anu teu nyaah ka anak, Kami mah hamo lali ka maraneh.” a

Hal ieu tangtu nengtremkeun haté urang! Kanyaah Allah leuwih gedé tibatan kanyaah indung ka orokna, nu mangrupakeun salah sahiji émosi manusa nu pangkuatna. Allah moal bakal ninggalkeun urang! Malihan, Mantenna tos nulungan urang ku cara anu teu kapikir ku urang. Kumaha carana? Ku cara nunjukkeun koncina hirup bagja, nyaéta iman nu sajati.

Iman nu sajati ngabagjakeun kahirupan Sadérék. Iman ieu bakal ngabantu Sadérék nyingkahan masalah sarta suksés dina mayunan masalah nu teu tiasa disingkahkeun. Iman ieu ogé bakal ngaraketkeun Sadérék ka Allah, ngahasilkeun katengtreman kana haté sarta pikiran. Salian ti éta, iman nu sajati bakal nungtun Sadérék kana mangsa pikahareupeun nu nyugemakeun, nyaéta hirup langgeng di Pirdus (Pirdaus)!

Tapi, naon iman nu sajati téh? Sarta kumaha cara ngapimilikna?

a Tingali Yesaya 49:15 dina Kitab Suci.