Pindah kana eusi

Naon Roh Suci téh?

Naon Roh Suci téh?

Jawaban Alkitab

 Roh suci téh kawasa atawa tanagana Allah. (Mika 3:8; Lukas 1:​35) Allah téh ngagunakeun roh suci pikeun ngalaksanakeun kahayang-Na.​—Rasul 10:38, 45; Jabur 139:7.

 Kecap roh dina Alkitab téh dicokot tina basa Ibrani ruakh jeung basa Yunani pneuma. Seringna kecap-kecap éta téh ngamaksudkeun tanaga atawa roh suci Allah. (Kajadian 1:2) Tapi kadang, kecap-kecap éta gé ngamaksudkeun hal-hal séjénna saperti:

 Kabéh hal tadi téh teu bisa ditingali ku panon urang, tapi bisa dirasakeun. Roh suci Allah gé jiga kitu. Éta téh ”jiga angin, mémang teu katingali, tapi karasa kakuatanana”.​—An Expository Dictionary of New Testament Words, karya W.E. Vine.

 Dina Alkitab, roh suci gé sok disebut sabagé ”panangan” Allah. (Jabur 102:26.) Jiga saurang tukang ngagunakeun leungeunna pikeun digawé, Allah gé ngagunakeun roh suci-Na pikeun:

Roh suci téh lain mahluk hirup

 Alkitab ngibaratkeun roh suci jiga ”panangan” atawa ”napas” ti Allah, jadi ieu nunjukkeun roh suci téh lain mahluk hirup. (Budalan 15:​8, 10) Sarua jiga leungeun saurang tukang, mun teu digerakkeun mah, moal bisa oyag. Kitu ogé jeung roh suci, mun teu digerakkeun ku Allah mah, moal bisa nanaon. (Lukas 11:13) Alkitab pernah nyebutkeun, roh suci téh dikocorkeun, jiga cai. Terus, roh suci gé disagolongkeun jeung iman sarta kabijaksanaan. Jadi éta kabéh nunjukkeun, roh suci téh lain hiji mahluk hirup.​—Yesaya 44:3; Rasul 6:5; 2 Korinta 6:6.

 Alkitab nyebutkeun nami Allah Yéhuwa jeung nami Yésus Kristus, tapi ari roh suci mah teu pernah disebutkeun ngaranna. (Yesaya 42:8, Terjemahan Dunia Baru; Lukas 1:31) Terus waktu Stépanus geus téréh maot, manéhna téh meunang titingalian. Manéhna ningali di sorga téh aya dua pribadi, lainna tilu. Manéhna bisa ningali kitu téh lantaran dibéré roh suci ku Allah. Ceuk Alkitab, ” Stepanus anu pinuh ku Roh Suci tanggah ka langit, breh ningali kamulyaan Allah jeung Yesus anu ngadeg di tengeneuna-Na.”​—Rasul 7:55.

Kasalahpahaman ngeunaan roh suci

 Kasalahpahaman: Roh suci téh bagian tina Tritunggal, sakumaha nu disebutkeun dina Mateus 28:19, 20.

 Fakta: Dina Mateus 28:19, 20, Rama, Putra, jeung roh suci téh disebutkeunana babarengan. Jadi aya anu mikir, éta ngamaksudkeun Tritunggal. Tapi, coba baca deui ayatna. Na ayat ieu nunjukkeun Rama, Putra, jeung roh suci ngahiji ngajadi Allah, nu masing-masing boga sipat langgeng, kawasa, kadudukan, jeung hikmat anu sarua? Henteu. Ayat éta téh sarua waé jeung ayat séjénna nu nyebutkeun Rama, Putra, jeung roh suci babarengan.

 Kasalahpahaman: Alkitab sok nyaritakeun roh suci téh saolah-olah jiga jelema, jadi éta pasti nunjukkeun roh suci téh hiji mahluk hirup.

 Fakta: Dina Alkitab, roh suci sok dicaritakeun saolah-olah jiga saurang jalma. Misalna, Yésus nyebut roh suci téh sabagé ”Panulung”. Éta roh suci bisa ngabuktikeun, nungtun, nganyatakeun, nyaurkeun, ngadawuh, méré nyaho, ngagungkeun, jeung nepikeun hiji hal. (Yohanes 16:​7-​15) Tapi, lain hartina roh suci téh hiji mahluk hirup. Di Alkitab ogé, hikmah, maot, jeung dosa téh dicaritakeun saolah-olah jiga hiji jelema. Misalna: Hikmah téh cumeluk, maot téh murba ka manusa, jeung dosa téh ngahudang napsu kasarakahan.​—Siloka 1:20, Rum 5:17, 21; 7:8, 11.

 Kasalahpahaman: Saurang jalma kudu dibaptis ku ngaran roh suci. Éta ngabuktikeun roh suci téh mahluk hirup.

 Fakta: Alkitab sok ngagunakeun kecap ”ngaran” pikeun ngamaksudkeun kakawasaan atawa wewenang. (Pamindo 18:​5, Terjemahan Dunia Baru; Pamindo 18:19-​22; Ester 8:​10) Urang sok ngadéngé istilah ”ulah mawa-mawa ngaran sakola”, padahal sakola téh lain saurang jalma. Jadi, waktu saurang jalma dibaptis ku ”pajenengan” roh suci, maksudna téh manéhna ngarti yén Allah ngalaksanakeun tujuana-Na maké kawasa roh suci .​—Mateus 28:19.

 Kasalahpahaman: Rasul-rasul jeung murid Yésus baheula gé percaya roh suci téh hiji mahluk hirup.

 Fakta: Alkitab jeung catetan sajarah teu pernah nyebutkeun kitu. Encyclopædia Britannica ogé nyebutkeun, ”Roh suci téh dianggap hiji mahluk hirup . . . dina Konsili Konstantinopel taun 381 Maséhi.” Éta téh 250 taun leuwih sanggeus rasul Yésus nu pangpandeurina maot.