Pindah kana eusi

Na Allah Nyiptakeun Rupa-Rupa Mahluk Hirup ku Évolusi?

Na Allah Nyiptakeun Rupa-Rupa Mahluk Hirup ku Évolusi?

Jawaban Alkitab

 Henteu. Alkitab nerangkeun yén Allah nyiptakeun manusa jeung ”rupa-rupa” tutuwuhan sarta sasatoan. a (Kajadian 1:12, 21, 25, 27; Wahyu 4:11) Alkitab gé nyebutkeun yén kabéh manusa téh turunan ti manusa nu mimiti diciptakeun, nyaéta Adam jeung Hawa. (Kajadian 3:20; 4:1) Jadi, catetan dina Alkitab henteu ngadukung téori nu nyebutkeun yén Allah nyiptakeun rupa-rupa kahirupan ku évolusi. Najan kitu, Alkitab henteu papalingpang jeung sains anu nyebutkeun yén hiji jinis mahluk hirup téh aya rupa-rupa macemna.

 Na Allah ngagunakeun évolusi?

 Loba jalma percaya, Allah ngagunakeun évolusi. Tapi, jalma-jalma nu percaya ieu gé boga pamikiran nu béda-béda. Ceuk Encyclopædia Britannica, ”Salah sahiji cara Allah ngadalikeun alam téh, nya ngagunakeun séléksi alam (nu kuat bakal hirup, nu lemah bakal musna).”

 Aya ogé nu mikir:

  •   Kabéh mahluk hirup nu ayeuna aya téh turunan ti hiji jinis mahluk hirup dina jaman purba.

  •   Hiji jinis mahluk hirup bisa évolusi jadi jinis séjénna nu béda pisan.

  •   Kabéh prosés éta téh diatur ku Allah, tapi teuing kumaha carana.

 Na évolusi téh sajalan jeung catetan dina Alkitab?

 Téori évolusi nyababkeun jalma-jalma mikir yén kekecapan dina kitab Kajadian ngeunaan ciciptaan téh teu sapinuhna bener. Tapi, Yésus pernah ngutip kekecapan nu aya dina kitab Kajadian. (Kajadian 1:26, 27; 2:18-24; Mateus 19:4-6) Alkitab nerangkeun yén saacan hirup di bumi, Yésus hirup di sorga bareng jeung Allah, sarta milu nyiptakeun sagala rupa. (Yohanes 1:3) Jadi, téori nu nyebutkeun yén Allah nyiptakeun rupa-rupa mahluk hirup ku évolusi téh teu sajalan jeung Alkitab.

 Na tutuwuhan jeung sasatoan bisa adaptasi téh lantaran évolusi?

 Alkitab teu ngajelaskeun hiji jinis mahluk hirup téh aya sabaraha loba macemna. Tapi, Alkitab ogé teu ngabantah fakta yén tutuwuhan jeung sasatoan nu diciptakeun ku Allah bisa rada barobah lantaran hasil perkawinan atawa adaptasi kana lingkungan anu anyar. Najan kitu, prosés éta teu bisa disebut évolusi, lantaran euweuh mahluk hirup jinis anyar nu muncul.

a Kecap ”rupa-rupa” nu dipaké dina Alkitab téh hartina jembar, teu ngan saukur ngamaksudkeun ”spésiés” nu sok disebutkeun ku para ahli. Lamun spésiés anyar kapanggih, para ahli sok nyebutkeun éta téh hasil tina évolusi, padahal mah éta masih kaasup kana ”rupa-rupa” mahluk hirup anu disebutkeun dina buku Kajadian.