Pindah kana eusi

Naha Enya Kisah Nuh jeung Banjir Gedé téh Saukur Dongéng?

Naha Enya Kisah Nuh jeung Banjir Gedé téh Saukur Dongéng?

Jawaban Alkitab

 Kisah Banjir Gedé téh bener-bener kajadian. Gusti ngadatangkeun Banjir Gedé pikeun ngabasmi jalma-jalma nu jahat. Tapi, Mantenna nitah Nuh nyieun bahtera supaya jalma-jalma nu balageur jeung sasatoan bisa salamet. (Kajadian 6:11-20) Urang bisa percaya yén Banjir Gedé téh bener-bener kajadian, sabab éta dicatet dina Kitab Suci, nu mangrupa ”wahyu ti Allah”.—2 Timoteus 3:16.

 Fakta atawa carita rahayat?

 Kitab Suci nunjukkeun yén Nuh téh jalma nu bener-bener aya, Banjir Gedé ogé kajadian nu nyata lain ngan saukur dongéng atawa carita rahayat.

  •   Nu nulis Kitab Suci percaya yén Nuh téh pernah hirup. Contona, Ésra jeung Lukas nu taliti mariksa sajarah. Jadi lamun maranéhna ngasupkeun Nuh dina silsilah kulawarga Israil, pasti Nuh téh bener-bener aya. (1 Babad 1:4; Lukas 3:36) Mateus jeung Lukas nu nulis Injil gé nyatet pangajaran Yésus nu ngabahas Nuh jeung Banjir Gedé.—Mateus 24:37-39; Lukas 17:26, 27.

     Salian ti éta, Nabi Yéhéskél jeung Rasul Paulus gé nyebutkeun yén Nuh téh jalma tuladan sabab Nuh téh jalma bener jeung boga iman. (Yeheskel 14:14, 20; Ibrani 11:7) Mustahil maranéhna ngajadikeun Nuh sabagé tuladan lamun Nuh téh jalma nu teu pernah hirup. Jadi, Nuh sarta jalma-jalma séjénna nu satia téh bisa dijadikeun tuladan lantaran maranéhna jalma nu bener-bener aya.—Ibrani 12:1; Yakobus 5:17.

  •   Alkitab méré katerangan nu rinci ngeunaan Banjir Gedé. Biasana, carita dongéng dimimitian ku kekecapan ”Dina hiji poé”. Tapi, Alkitab nyebutkeun taun, bulan, jeung poéna dina kajadian nu aya patalina jeung Banjir Gedé. (Kajadian 7:11; 8:4, 13, 14) Alkitab ogé nyebutkeun ukuran ti bahtera nu dijieun ku Nuh. (Kajadian 6:15) Rincian nu aya dina Alkitab ieu ngabuktikeun yén Banjir Gedé téh kajadian nyata, lainna dongéng.

 Ku naon aya Banjir Gedé?

 Alkitab nyebutkeun yén saacan Banjir Gedé ”tiap manusa di dunya geus sakitu jarahatna”. (Kajadian 6:5) Alkitab ngomong yén ”kabeh oge goreng katingalina ku Allah” lantaran aya loba katelengesan jeung laku lampah cabul.—Kajadian 6:11; Yudas 6, 7.

 Alkitab nyebutkeun yén kalolobaan masalah ieu disababkeun ku para malaikat jahat nu ninggalkeun sawarga, tuluy kawin jeung para awéwé di bumi. Turunan ti para malaikat jahat ieu disebut Néfilim. Maranéhna téh jelema raksasa nu resep nyilakakeun manusa. (Kajadian 6:1, 2, 4) Jadi, Allah mutuskeun pikeun ngabasmi kajahatan di bumi sarta méré kasempetan nu anyar pikeun jalma-jalma nu bageur.—Kajadian 6:6, 7, 17.

 Naha jalma-jalma harita nyaho bakal aya Banjir Gedé?

 Enya. Allah méré nyaho Nuh naon nu bakal kajadian sarta nitah manéhna nyieun bahtera supaya kulawargana jeung sasatoan bisa salamet. (Kajadian 6:13, 14; 7:1-4) Nuh méré nyaho jalma-jalma ngeunaan musibat ieu, tapi maranéhna ngabaékeun Nuh. (2 Petrus 2:5) Ceuk Alkitab, ”Jelema-jelema teh teu arengeuheun aya kajadian naon, nyaho-nyaho geus ger caah.”—Mateus 24:37-39.

 Siga kumaha bahtera nu dijieun Nuh téh?

 Bahtera téh siga peti gedé nu panjangna 133 méter, rubakna 22 méter, jeung luhurna 13 méter. Éta bahtera dijieun tina kai kibeusi, sarta bagian luar jeung jerona dilapisan ku tér. Di jerona, aya tilu tingkat jeung sababaraha rohangan. Dina sisi bahtera aya panto sarta di sakurilingeun bagian luhurna aya jandéla. Katingalina, hateup bahtera bagian tengahna leuwih jangkung ti batan bagian sisina supaya cai bisa ngocor.—Kajadian 6:14-16.

 Sabaraha lila Nuh nyieun bahtera?

 Alkitab henteu nyebutkeun sabaraha lila Nuh nyieun bahtera, tapi katingalina Nuh butuh puluhan taun pikeun nyieunna. Basa anakna nu kahiji lahir, umur Nuh geus leuwih ti 500 taun. Tapi basa Banjir Gedé datang, umur Nuh geus 600 taun. aKajadian 5:32; 7:6.

 Allah nitah Nuh nyieun bahtera waktu tilu budakna geus galedé jeung geus pada nikah, éta butuh waktu kira-kira 50 atawa 60 taun. (Kajadian 6:14, 18) Lamun kitu, asup akal lamun nyimpulkeun yén bahtera téh dijieunna salila 40 atawa 50 taun.

a Ngeunaan umur manusa nu panjang siga Nuh, mangga tingali artikel ”Apakah Orang pada Zaman Alkitab Memang Berumur Panjang?” dina Menara Pengawal 1 Désémber 2010.