Pindah kana eusi

Jadi ”Urang Samaria nu Bageur” téh Maksudna Kumaha?

Jadi ”Urang Samaria nu Bageur” téh Maksudna Kumaha?

Jawaban Alkitab

Istilah ”Urang Samaria nu Bageur” téh biasana dipaké pikeun ngagambarkeun jalma nu daék nulungan batur nu keur butuh bantuan. Istilah ieu téh asalna tina carita, atawa ibarat, nu dicaritakeun ku Isa. Isa nyaritakeun carita ieu téh pikeun nunjukkeun yén jalma nu bageur ka sasama mah bakal nulungan batur, sanajan jalma nu ditulunganana téh béda bangsa jeung budaya.

Dina artikel ieu

 Kumaha carita ”Urang Samaria nu Bageur” téh?

Kieu carita nu dicaritakeun ku Isa: Aya saurang lalaki Yahudi rék indit ti Yérusalém ka Yérikho. Tapi di tengah jalan, manéhna téh dipegat ku rampog, digebugan, sarta ditinggalkeun satengah paéh.

Geus kitu, aya saurang imam liwat ka ditu. Teu lila, aya ogé urang Léwi nu liwat ka ditu. Maranéhna jeung lalaki nu digebugan tadi téh sarua suku bangsana, tapi euweuh nu nulungan lalaki éta.

Sanggeusna, aya deui saurang lalaki nu ngaliwat ka ditu. Manéhna téh urang Samaria. (Lukas 10:33; 17:16-18) Barang nempo lalaki éta, manéhna karunyaeun sarta ngubaran raheut-raheutna. Geus kitu, ku manéhna lalaki éta dibawa ka panginepan sarta dirawat sapeupeuting. Isukanana, manéhna mayar ka nu boga panginepan pikeun ngurus lalaki tadi. Manéhna gé jangji, mun duitna kurang, engké bakal ditambahan.​—Lukas 10:30-35.

 Ku naon Isa nyaritakeun carita ieu?

Isa nyaritakeun carita ieu ka saurang lalaki nu mikir yén sasamana téh nyaéta ngan jalma-jalma nu bangsa jeung agamana sarua jiga manéhna. Isa hayang ngajarkeun hiji hal penting ka manéhna, nyaéta: Nu disebut ”sasama” téh teu ngan urang Yahudi hungkul. (Lukas 10:36, 37) Carita ieu diasupkeun kana Alkitab supaya kabéh jalma nu hayang nyenangkeun Allah bisa diajar ogé ngeunaan hal ieu.​—2 Timotius 3:16, 17.

 Naon palajaran tina carita ieu?

Kisah ieu ngajarkeun yén jalma nu bageur mah bakal nunjukkeun kanyaahna liwat tindakan. Mun manéhna ningali aya nu keur kasusahan, manéhna bakal nulungan jalma éta, teu sual saha éta, naon bangsana, atawa kumaha budayana. Jalma nu bageur mah bakal nyaah ka batur jiga ka diri sorangan.​—Matius 7:12.

 Saha urang Samaria téh?

Urang Samaria téh cicing di kaléreun Yudéa. Maranéhna téh turunan ti urang Yahudi nu kawin jeung nu lain Yahudi.

Dina abad kahiji M, urang Samaria téh boga agama sorangan. Maranéhna ngan percaya kana lima kitab mimiti dina Kitab-Kitab Ibrani, tapi teu percaya kana kitab Ibrani séjénna.

Dina jaman Isa, loba urang Yahudi nu ngéwa ka urang Samaria sarta embung urusan jeung maranéhna. (Yahya 4:9) Malah, ku sababaraha urang Yahudi, istilah ”urang Samaria” téh dipaké pikeun ngahina batur.​—Yahya 8:48.

 Carita ngeunaan ”Urang Samaria nu Bageur” téh kisah nyata atawa lain?

Kitab Suci teu nunjukkeun carita ngeunaan urang Samaria ieu téh kisah nyata atawa lain. Tapi waktu ngajar jalma-jalma, Isa sering nyebutkeun kabiasaan jeung tempat nu dipikanyaho ku maranéhna supaya maranéhna gampang ngarti.

Loba hal dina carita ieu téh mémang bener-bener nyata. Misalna:

  • Jalan ti Yérusalém ka Yérikho téh panjangna leuwih ti 20 kilométer jeung aya bagian nu mudunna, nu panjangna 1 kilométer. Ieu téh cocog jeung carita Isa. Isa nyebutkeun, lalaki éta ”turun ka Yérusalém rék ka Yérikho”.​—Lukas 10:30.

  • Mun para imam jeung urang Léwi nu cicing di Yérikho rék indit ka Yérusalém, maranéhna bakal ngaliwatan jalan ieu.

  • Para rampog sok nyumput di sapanjang jalan ieu pikeun megat jalma-jalma nu laliwat, hususna nu keur sorangan.