Pindah kana eusi

Naha Allah Linggih di Hiji Tempat?

Naha Allah Linggih di Hiji Tempat?

Jawaban Alkitab

 Enya. Allah linggih di hiji tempat, nyaéta di sawarga. Perhatikeun sababaraha ayat ieu:

 Dina doana, Raja Suléman ngomong, ”Mugi sembahyangna dangukeun, panuhunna mugi dimakbul ti sawarga panglinggihan Gusti.”—1 Raja 8:43.

 Yésus Kristus ngajar murid-muridna pikeun ngadoa ka ”Ama di sawarga”.—Mateus 6:9.

 Sanggeus dihirupkeun deui, Yésus ”lebet ka sawarga pisan, ngadeuheus ka Allah jadi wawakil urang.”—Ibrani 9:24.

 Ayat-ayat éta jelas némbongkeun yén Allah Yéhuwa téh Pribadi nu bener-bener aya nu linggihna di sawarga, lainna aya di mana-mana.