Pindah kana eusi

Naha Eusi Alkitab téh Pamikiran Manusa?

Naha Eusi Alkitab téh Pamikiran Manusa?

Jawaban Alkitab

 Alkitab atawa Kitab Suci ngamuat loba kekecapan nu bijaksana. Perhatikeun naon nu dijelaskeun ku salah sahiji ayat, ”Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah.” (2 Timoteus 3:16) Loba bukti nu ngadukung ayat éta. Perhatikeun sababaraha hal ieu:

  •   Teu aya nu bisa ngabuktikeun yén sajarah nu dicatet dina Alkitab téh teu akurat.

  •   Jalma-jalma nu nulis Alkitab téh kabéh jalujur sarta rendah haté. Ku kituna, bebeneran Alkitab téh nyata dina tulisan maranéhna.

  •   Téma utama Alkitab téh nyaéta ngajungjung hak Allah pikeun maréntah manusa sarta ngawujudkeun kahoyong Allah ku jalan Karajaana-Na di sawarga.

  •   Baheula, élmu alam nu dipercaya ku jalma-jalma téh béda jeung nu dicatet dina Alkitab. Tapi ayeuna kabukti nu bener téh Alkitab, padahal ditulisna téh geus ti rébuan taun katukang.

  •   Bukti-bukti dina catetan sajarah nunjukkeun yén ramalan Alkitab téh geus bener-bener kajadian.