Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA | PERKAWINAN

Carana Supaya Leuwih Sabar

Carana Supaya Leuwih Sabar

 ”Kasabaran salaki jeung pamajikan diuji unggal poé. Saacan kawin mah bisa jadi kasabaran téh teu pati penting, tapi sanggeus kawin, ieu penting pisan supaya perkawinan suksés.”—John.

 Ku naon Sadérék perlu sabar?

  •   Sanggeus kawin, kasalahan batur hirup bisa katingali jelas.

     ”Sababaraha waktu sanggeus nikah, urang jadi babari merhatikeun sipat goréng batur hirup. Mun geus kitu, gampang pisan kaleungitan kasabaran.”—Jessena.

  •   Lamun teu sabar, omongan Sadérék bisa teu dipikir heula.

     ”Abdi sok gancang teuing ngungkabkeun parasaan nepi ka sakapeung ngomong nu teu perlu. Coba mun leuwih sabar, abdi bisa mikir heula. Jadi abdi moal ngomong nu teu perlu.”—Carmen.

     Ceuk Kitab Suci, ”Sipatna kanyaah teh sabar jeung alus budi.” (1 Korinta 13:4) Mémang loba nu mikir, lamun bogoh, urang pasti bakal sabar ka batur hirup. Tapi, can tangtu bisa kitu terus. John nu tadi disebutkeun ngomong, ”Siga sipat alus séjénna, sipat sabar téh leuwih gampang dileungitkeun ti batan dimekarkeun. Jadi, butuh upaya pikeun leuwih sabar.”

 Kumaha Sadérék bisa nunjukkeun kasabaran?

  •   Waktu ujug-ujug aya kajadian nu nguji kasabaran.

     Misalna: Waktu omongan batur hirup nganyenyeri haté, biasana urang hayang langsung ngabales.

     Prinsip Kitab Suci: ”Kudu bisa ngadalian amarah, sabab barangasan mah tabeat jelema gejul.”—Pandita 7:9.

     Carana nunjukkeun kasabaran: Cicing heula sakeudeung. Saacan ngomong atawa nyieun tindakan, pék pikirkeun yén sabenerna manéhna teu aya niat nganyenyeri atawa ngahina Sadérék ku omonganana. Buku Fighting for Your Marriage ngajelaskeun yén kalolobaan jalma osok salah nyieun tindakan lantaran salah paham kana omongan batur hirupna.

     Tapi, sanajan batur hirup mémang hayang nyieun Sadérék keuheul, lamun Sadérék tetep sabar jeung teu ngabales, kaayaanana moal beuki parah. Ceuk Alkitab, ”Seuneu lamun henteu disuluhan mah pareum.”—Siloka 26:20.

     ”Lamun urang geus nganggap pamajikan téh musuh, cicing heula sakeudeung, tuluy pikirkeun ku naon urang bogoh ka manéhna. Geus kitu, lakukeun hal nu hadé keur manéhna.”—Ethan.

     Pikirkeun:

    •  Kumaha réaksi Sadérék waktu aya omongan atawa tindakan batur hirup nu nganyenyeri haté?

    •  Kumaha Sadérék bisa leuwih sabar lamun engké nyanghareupan kaayaan siga kitu deui?

  •   Waktu batur hirup teterusan ngalakukeun kasalahan nu sarua.

     Misalna: Batur hirup Sadérék lélét pisan, jadi Sadérék kudu ngadagoan. Beuki lila ngadagoan, Sadérék beuki keuheul.

     Prinsip Kitab Suci: ”Kudu daek silih eledan, . . . kudu daek silih hampura.”—Kolosa 3:13.

     Carana nunjukkeun kasabaran: Sadérék perlu leuwih mikirkeun kapentingan batur hirup ti batan kapentingan sorangan. Pék pikirkeun, ’Lamun abdi keuheul atawa kukulutus ka batur hirup, naha perkawinan bakal leuwih kuat atawa jadi ruksak?’ Sadérék gé kudu inget yén ”urang, sarerea oge remen nyieun kasalahan”. (Yakobus 3:2) Ieu hartina Sadérék ogé pasti boga kasalahan.

     ”Kadang, abdi leuwih sabar ka babaturan ti batan ka salaki. Sigana mah, lantaran abdi leuwih sering babarengan jeung salaki, abdi jadi bisa ningali kakuranganana. Tapi lamun abdi sabar, éta hartina abdi nyaah jeung hormat ka salaki. Jadi, kasabaran téh penting dina perkawinan.”—Nia.

     Pikirkeun:

    •  Naha Sadérék sabar lamun batur hirup nyieun kasalahan?

    •  Naon nu bisa dilakukeun ku Sadérék sangkan bisa leuwih sabar ka hareupna?