Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA | CARANA NGADIDIK BUDAK

Kumaha Carana Ngabingbing Budak?

Kumaha Carana Ngabingbing Budak?

 Nu kudu dipikanyaho

 Dina sababaraha kabudayaan, barudak téh mani deukeut jeung kolot. Maranéhna sok ménta saran ka kolotna. Tapi di kabudayaan séjénna, barudak sok ménta saran ka babaturanana.

 Mun maranéhna leuwih sering ménta saran ka babaturanana, lila-lila maranéhna bisa henteu ngahargaan saran ti kolotna deui. Malahan engké pas barudakna geus rumaja, maranéhna beuki hésé dibéjaan. Nya teu anéh, da maranéhna leuwih sering ulin jeung babaturanana. Maranéhna siga ”dibingbing” ku babaturanana, lainna ku kolotna.

 Ku naon barudak leuwih gampang deukeut jeung babaturanana ti batan jeung kolotna? Pikirkeun sababaraha alesanana.

  •   Sakola. Barudak sering babarengan jeung batur sakolana. Jadi, maranéhna leuwih deukeut jeung leuwih ngahargaan omongan baturna ti batan kolotna. Malah engké pas geus rumaja, pangaruh ti babaturan bisa leuwih kuat deui.

    Barudak kuduna leuwih ngahargaan bingbingan ti kolot ti batan batur sakolana

  •   Jarang babarengan jeung kolot. Biasana waktu budak balik sakola, di imah téh kosong euweuh sasaha. Bisa jadi kolotna masih kénéh digawé.

  •   Trén budak ngora. Waktu barudak geus rumaja, maranéhna bakal kababawa ku trén barudak sapantaranana. Misalna dina cara papakéan, omongan, jeung kalakuanana. Naon nu dipikirkeun ku babaturanana téh jadi leuwih penting ti batan naon nu dipikirkeun ku kolotna.

  •   Pangaruh iklan. Loba pausahaan nyieun barang jeung hiburan nu husus keur budak ngora wungkul. Ieu nu nyieun budak jeung kolot jadi teu deukeut. Dr. Robert Epstein nyebutkeun, ”Lamun teu aya trén budak ngora, pausahan-pausahan nu gedé éta bakal langsung bangkrut.” a

 Nu bisa dilakukeun

  •   Sing terus deukeut jeung budak Sadérék.

     Ceuk Alkitab: ”Sakur anu diwurukkeun ku Bapa poe ieu ulah dipopohokeun. Ajarkeun ka anak. Ucapkeun tong weleh, keur di imah, keur di mana-mana, keur ngaso, keur digawe.”—Pamindo 6:6, 7.

     Mémang, budak Sadérék bisa nyobat jeung batur nu sapantar, tapi ulah nepi ka tugas Sadérék salaku kolot kagantikeun. Para ahli ngomong yén sabenerna ampir kabéh budak ngahormat jeung hayang nyenangkeun kolotna. Jadi, lamun Sadérék tetep deukeut jeung budak Sadérék, manéhna bakal leuwih gampang narima saran Sadérék ti batan ti babaturanana.

     ”Sadérék perlu nyadiakeun waktu supaya bisa babarengan ngalakukeun kagiatan sapopoé, misalna masak, bebersih, jeung ngagawékeun PR. Sadérék ogé bisa maén game jeung nongton babarengan. Ulah ngarasa nyadiakeun waktu téh teu perlu sering-sering teuing, nu penting mah sakali-sakali tapi lila. Éta teu bener, mun Sadérék teu sering babarengan jeung budak, nya Sadérék moal bisa deukeut jeung manéhna!”—Lorraine.

  •   Ulah ulin jeung nu sapantaran wungkul.

     Ceuk Alkitab: ”Barudak mah biasa sok bolostrong sologoto. Tapi ari dididik hade-hade mah tangtu ngarti.”—Siloka 22:15.

     Sababaraha kolot geus puas mun ningali budakna boga loba batur nu sapantar. Tapi, sabenerna maranéhna gé perlu babaturan jeung nu umurna béda-béda. Ku kituna, barudak bisa jadi leuwih déwasa. Batur sapantaran mah teu bisa méré bingbingan nu dibutuhkeun, ngan kolot nu bisa méré bingbingan nu pangalusna.

     ”Mémang batur sapantaran bisa jadi leuwih ngarti kana sababaraha hal, tapi maranéhna can boga katarampilan, pangalaman, jeung pangarti keur nyieun putusan nu panghadéna. Mun nuturkeun bingbingan ti kolot, engkéna barudak bisa jadi jelema nu déwasa.”—Nadia.

  •   Jadi tuladan nu alus.

     Ceuk Alkitab: ”Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter.”—Siloka 13:20.

     Najan engké geus pada gedé, barudak bisa tetep diajar loba hal ti Sadérék. Jadi, Sadérék perlu jadi tuladan nu alus.

     ”Tuladan nu pangpentingna keur budak téh nyaéta kolotna. Barudak bakal leuwih hayang nuturkeun kolotna lamun ti leuleutik kénéh geus diajar pikeun nyenangkeun sarta ngahormat kolotna.”—Katherine.

a Tina buku Teen 2.0—Saving Our Children and Families From the Torment of Adolescence.