Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Ku Naon Abdi Kudu Akur jeung Adi Lanceuk?

Ku Naon Abdi Kudu Akur jeung Adi Lanceuk?

 ”Sobat jeung batur paséa”

 Adi lanceuk téh sok disebut ”sobat jeung batur paséa”. Anjeun nyaah ka maranéhna, maranéhna gé nyaah ka anjeun. Tapi sakapeung, rék akur téh mani hésé. Helena nu umurna 18 taun ngomong, ”Abdi osok diganggu ku adi lalaki abdi. Manéhna apal pisan kudu kumaha supaya abdi ngamuk!”

 Sababaraha masalah adi lanceuk bisa diréngsékeun ku cara ngobrol jeung badami. Misalna:

  •   Adi lanceuk nu duanana lalaki jeung sakamar bisa paséa lantaran salah sahijina keur hayang sorangan. Kumaha ngaréngsékeunana? Anjeun kudu daék ngéléhan jeung ulah sok ngaganggu. Tuturkeun prinsip Kitab Suci dina Lukas 6:31.

  •   Adi lanceuk nu duanana awéwé sok silih ”injeum” baju bari teu bébéja heula. Kumaha ngaréngsékeunana? Pék obrolkeun, tuluy jieun watesan nu wajar. Tuturkeun prinsip Kitab Suci dina 2 Timoteus 2:24.

 Sakapeung, masalah adi lanceuk bisa jadi masalah gedé jeung parah balukarna. Pikirkeun dua conto tina Kitab Suci:

  •   Miryam jeung Harun ngalaman balukar nu parah lantaran sirik ka Musa, adina. Baca caritana dina Bilangan 12:1-15. Terus pikirkeun, ’Kumaha supaya abdi teu sirik ka adi lanceuk?’

  •   Kain teterusan ambek nepi ka ahirna maéhan Habil, adina. Baca caritana dina Kajadian 4:1-12. Terus pikirkeun, ’Kumaha carana supaya abdi henteu teterusan ambek ka adi lanceuk?’

 Dua alesan pikeun tetep akur

 Teu sual sakumaha héséna upaya anjeun pikeun tetep akur jeung adi lanceuk, éta moal cumah. Ku naon? Sahenteuna aya dua alesan.

  1.   Éta tandana anjeun geus déwasa. Saurang budak ngora nu ngaranna Alex ngomong, ”Abdi boga dua adi awéwé, jeung sok gancang ambek ka maranéhna. Tapi, ayeuna mah abdi leuwih tenang jeung sabar. Sigana abdi geus leuwih déwasa.”

     Ceuk Kitab Suci, ”Jelema anu tahan sabar nandakeun bijaksana, sabalikna nu gede ambek mah nandakeun kacida bodona.”—Siloka 14:29.

  2.   Palatihan nu alus keur mangsa kahareup. Lamun ayeuna waé teu bisa ngahampura kasalahan adi lanceuk, kumaha engké waktu urusan jeung batur hirup, batur gawé, dunungan, atawa jalma séjénna?

     Kanyataanana: Suksés henteuna hubungan anjeun jeung batur dina mangsa kahareup gumantung kana kamampuh anjeun pikeun ngobrol jeung badami. Kulawarga téh tempat nu paling cocog keur ngalatih éta kamampuh.

     Ceuk Kitab Suci, ”Sing sabisa-bisa neangan pijalaneun akur jeung saha bae.”—Rum 12:18.